• Twitter
  • Facebook
  • Google+
  • Instagram
  • Youtube

Senin, 30 Juli 2012

Pidato Sunda : Agama Teh Nasehat

Asalamu’alaikum wr. wb.
(muqadimah)
                Para sepuh pini sepuh anu kusimkuring dipihormat, Bapa miwah ibu anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.
                Sagala puji anu janten panghias ati kasanggakeun ka Gusti anu Maha Suci Alloh Robul Ijati, sagala puja anu janten panghias rasa kasanggakeun ka Dzat nu Maha Kawasa Alloh Aza Wajala, anu asih teu pilih kasih anu heman taya kendatna ka sadaya mahluq anu aya di alam dunya.
                Rohmat rawuh kasalametan mugia salamina di kocor golontorkeun ka Panutan Agung Paduka Alam Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W., miwah kulawargana, sohabatna, sareng urang salaku umatna.
                Hadirin anu dipihormat.
Neda widi dina leresan ieu sim kuring seja gabung tumalapung, sabda tumapala dipayuneun sadaya, anu gaduh pamaksadan ngalaksanakeun tugas ti remaja masjid kanggo ngeusi acara bada taraweh ayeuna. Calikna abdi didieu sanes kanggo ngaguruan para bapa miwah ibu sadaya tapi mung saukur nepangkeun pidawuh ti rasullah saw ngeunaan agama teh nasehat. Kirang langkung kieu :
              
    "Addiinunashiihatu, qulnaaliman. qoola : lillahi wa likitaabihii wa lirasuulihii wa liaimmatilmuslimiina 'ammatihim"            


Anu hartosna : agama eta ngandung harti nasehat, teras para sahabat tumaros : kanggo saha ya rasullallah ? nabi ngajawab; “kanggo allah, kitabna, rosulna, para pamingpin islam jeung pikeun sakumna umat islam.”

Hadirin anu dipikahormat !
Naon pamaksadan eta hadis teh ??
Kahiji      : nasehat kanggo allah,  ngandung harti yen urang sadayana tong wani-wani sumembah iwal ti Gusti allah swt.
Kadua    : Nasehat kanggo kitab allah, ngandung harti yen urang kudu ngamumule kitab allah kalawan  urang sing yakin  yen  Al-Qur’am mangrupakeun mujijat anu luar biasa anu gaduh eusi mangrupa rupa ajaran. Kusabab kitu urang sadayana wajib turut kana naon perkara anu diparentahkeun jeung ngajauhan kana perkara anu dilarah ku allah.
Katilu     : Nasehat Rasulallah, ngandung harti yen urang kudu micinta ka rasulallah leuwih ti micinta kanu sejena, sabab hanteu dianggap iman anu sampurna, upami urang teu micinta ka rasullah.
Kaopat   : Nasehat kanggo pamingpin islam, ngandung harti yen urang sarerea wajib ta’at ka para pamingpin urang, salia pamingpin urang hanteu ngalanggar kana parentah-parentah allah swt, jeung salila hanteu marentahkeun perkara anu dilarang ku allah swt.

Kalima    : nasehat kanggo umat muslimin, ngandung harti yen urang sadayana kudu jadi umat anu ngahiji teu meunang pepecahan, hasud, silih hina jeung sajabana... sabalikna urang sebagai umat islam kudu saperti dulur anu runtut raut daek tulung tinulungan dina jalan kahadean..
                Hadirin anu dipihormat.
Kitu anu dimaksud yen agama teh nasehat, sakumaha anu kasebut dina hadist tadi, Janten agama mah weleh-weleh nungtun ka sakabeh manusa kana jalan anu pisalameteun di dunya oge kana jalan anu pisalameteun di akherat...
                Hadirin anu dipihormt !
Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

Contact

Get in touch with me


Adress/Street

12 Street West Victoria 1234 Australia

Phone number

+(12) 3456 789

Website

www.johnsmith.com