Senin, 30 Juli 2012
Asalamu’alaikum wr. wb.
(muqadimah)
Para sepuh pini sepuh anu kusimkuring dipihormat, Bapa miwah ibu anu ku sim kuring
dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.
Sagala
puji anu janten panghias ati kasanggakeun ka Gusti anu Maha Suci Alloh Robul
Ijati, sagala puja anu janten panghias rasa kasanggakeun ka Dzat nu Maha Kawasa
Alloh Aza Wajala, anu asih teu pilih kasih anu heman taya kendatna ka sadaya
mahluq anu aya di alam dunya.
Rohmat
rawuh kasalametan mugia salamina di kocor golontorkeun ka Panutan Agung Paduka
Alam Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W., miwah kulawargana, sohabatna, sareng urang
salaku umatna.
Hadirin
anu dipihormat.
Neda widi dina leresan ieu sim kuring seja
gabung tumalapung, sabda tumapala dipayuneun sadaya, anu gaduh pamaksadan
ngalaksanakeun tugas ti remaja masjid kanggo ngeusi acara ba’da taraweh ayeuna. Calikna abdi didieu sanes
kanggo ngaguruan para bapa miwah ibu sadaya tapi mung saukur nepangkeun pidawuh
ti rasullah saw ngeunaan agama teh nasehat. Kirang langkung kieu :
"Addiinunashiihatu, qulnaaliman. qoola : lillahi wa likitaabihii wa lirasuulihii wa liaimmatilmuslimiina 'ammatihim"
Anu hartosna : agama eta ngandung harti nasehat, teras para
sahabat tumaros : kanggo saha ya rasullallah ? nabi ngajawab; “kanggo allah,
kitabna, rosulna, para pamingpin islam jeung pikeun sakumna umat islam.”
Hadirin anu
dipikahormat !
Naon pamaksadan eta
hadis teh ??
Kahiji : nasehat kanggo allah, ngandung harti yen urang sadayana tong
wani-wani sumembah iwal ti Gusti allah swt.
Kadua : Nasehat kanggo kitab allah, ngandung harti
yen urang kudu ngamumule kitab allah kalawan
urang sing yakin yen Al-Qur’am mangrupakeun mujijat anu luar biasa
anu gaduh eusi mangrupa rupa ajaran. Kusabab kitu urang sadayana wajib turut
kana naon perkara anu diparentahkeun jeung ngajauhan kana perkara anu dilarah
ku allah.
Katilu : Nasehat Rasulallah, ngandung harti yen
urang kudu micinta ka rasulallah leuwih ti micinta kanu sejena, sabab hanteu
dianggap iman anu sampurna, upami urang teu micinta ka rasullah.
Kaopat : Nasehat kanggo pamingpin islam, ngandung
harti yen urang sarerea wajib ta’at ka para pamingpin urang, salia pamingpin
urang hanteu ngalanggar kana parentah-parentah allah swt, jeung salila hanteu
marentahkeun perkara anu dilarang ku allah swt.
Kalima : nasehat kanggo umat muslimin, ngandung
harti yen urang sadayana kudu jadi umat anu ngahiji teu meunang pepecahan,
hasud, silih hina jeung sajabana... sabalikna urang sebagai umat islam kudu
saperti dulur anu runtut raut daek tulung tinulungan dina jalan kahadean..
Hadirin anu dipihormat.
Kitu anu dimaksud yen
agama teh nasehat, sakumaha anu kasebut dina hadist tadi, Janten agama mah
weleh-weleh nungtun ka sakabeh manusa kana jalan anu pisalameteun di dunya oge
kana jalan anu pisalameteun di akherat...
Hadirin anu dipihormt !
Sakitu anu ka
sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya
kakirangan sareng kalepatan.
Wassalamu’alaikum
wr.wb.